Entri Populer

Jumat, 25 Maret 2011

TARAHAL

Lengkah nu teu reureuh

Rumanggieung semu jumarigjeg

Nu handap dijajal

Nu jangkung ditaruk

Nu digigir dirampid

Rék dipikir najan pinuh kaketir

Kécéngan jeung tumpian nunggal saéstu

Najan cacaang ngan jiga sorot songkob

Najan balad ukur mawa kana jalan satapak

Itikad nu mawa weweg

Teu rengrot nepi ka kiwari

Sareupna muga lain samporét

Leuir wanci muga lain panimbris

Kana kasono nu nyosok jero

Kaheman nu asak anjang

Isuk géto teu weléh didago

Tetelar keur pangauban

Pangiuhan panyaluuhan

Tegéran jadi sipat diri

Muga gaplah jauh tina nyata



31 Agustus 2010 jam 10:32

PARABUN (Asmarandana)

Kahirupan nu mangrupi

Teu weleh kagunasika

Najan raket kana simpe

Lumaku kawantu jaga

Dina ngariksa raga

Batur mah moal kajurung

Mun lain urang nu meta


Poma urang sing gumati

Ngajaga gorengna lampah

Lir kaceuceub nu dipake

Balukar awak raruksak

Lelembut nu nyasaak

Setan iblis nu ngarungrung

Antukna mawa cilaka


Kitu geuning nu nyamuni

Sa' reup ge matak karasa

Da puguh bari dioprek

Bared waruga nu nyiksa

Taya rasrasannana

Emutan bedas ditundung

Ngahelas bet karandapan


Landong naon anu matih

Kanggo sadaya pangupa

"Dupi mantri aya keneh ?

Duh, Euis kuring teu kuat

Henjung geura heg neang

Kieu meureun diparabun

Pangunek ti jalma la'nat !"


Ya Alloh nu Maha Suci

Neda pitulung diseja

Na awak asa lalungse

Pegat asa jeung harepan

Nun gusti uningaan

Kulan naon nu ngaberung

Taya tangan pangawasa
 


____________________???

PEUPEUJEUH MANEUH

Polah nu remen teu weleh rumingkang sakedet netra ngajungkiring lebah tepiswiring dina lolongkrang aya jungkrang rusiah tan wande katalek ku pangimpleng diri.

Teuing ngahaja metakeun oyagna batin ngahelas ku lampah teu uni nepi ka ngahalang-halang meletekna panonpoe ngusik amarah na lambar perelean batin hamo medal najan teu kudu dibuburak.

Kitu keneh geuning angger rengkak nu mawa aral subaha kana jiwa.

Sesana awak kuru beak kasiksik ku rupa-rupa miliar rasa pagaliwota.

Sakuliah asih nu mungkus jeroeun raga ngapilain wungkul bati hanjelu.

Ras ngeunteung neuteup mencrong ngahaja ngobok hate nu teu weleh katembong.

Rasa nu mana pikeun nyalahan kadua batin sasatna gede kalewang marudah panganggeusan nu antukna teu mawa hasil.

Kapan nitipkeun kudu saujratna lain??
Leutik jeung gedena,
Bodo jeung pinterna Kuleuheu jeung berseka Dugul jeung jabrigna
Kandel jeung ipisna
CAG !

Teu kudu manjang lalakon.

Implengan sing gemet nepika bubuk leutikna tong aya nu kalarung najan kalangkangna rek keukeuh ngejat ka jomantara.

Rikat dunya barana sagara katingtriman suci nu ngawincik teu diwiji-wiji.

Sugan bengras ngabarakbak nyaangan alam kahyangan.

Bedasna awuntah mungkas dina tungtung jalan kapaneja.

SAGARA KINASIH (Dangdanggula)





Awit tepang lambak jeung basisir,
Awor rasa suka jeung marudah,
Kadeudeuh teu weleh nenjo,
Nganjrek lir nu kawengku,
Taya ilang kageter kingkin,
Jiwa anu karangsang,
Tan wande kaukur,
Gurat atra jeung duriat,
Kutan manah geus kapentang ngajamparing,
Asmara ngamuara



Haneut moyan moncorong nyakseni,
Semu anteng maturan urang,
Liwat saking taya bebendon,
Harepan nu saestu,
Lilir lugay ngalingsir ati,
Ngabarak sumirat cahya,
Nu tuluy ngagedur,
Raga asa ngarangsadan,
Mapay galeng urat nadi ku cameti,
Ratug angen peurih



Alon gelir haleuang ngawiji,
Najan ringrang seja nyinglar,
Memeh suda nu kairong,
Pamayang tara untup,
Nyair asih nu ngadalingding,
Jamuga babar wening hibar,
Panglalipur kalbu,
Bengras awas dipicangcam,
Renghap jeung muji sukur pangeran abdi,
Paneja sugema



Paheut jangji pakait pasini,
Galeuh kersa medar kaheman,
Teu inggis ku kalapetong,
Rongkah nu meh saluyu,
Anteb leleb sawangan ati,
Papaes bungah jeung bagja,
Mugining rahayu,
Seja neras kapilampah,
Lamun seug ka diri nganteng ku kayakin,
Cag niat ku cukang



Ngajul pageuh pamuntangan tali,
Asih tresna teu weleh midangdam,
Kedaling ucap nu hamo,
Ngolembar ku kakemu,
Tacan karuh mumunggang pati,
Teuneung ludeung ka tandang,
Najan semu ngagulung,
Katingtrim mangsa ayeuna,
Mapag wanci meungkeut ka sariak layung,
Sagara kinasih...Kang !

PETINGAN MATRI

KULAWU

Suhunan langit,

Angkeub keueuseun,

Taya hojah,

Leuseuh,

Palupuh uduh.


GUPAY ENGKANG

Lambar-lambar cahak,

Kiwari kararas,

Megat simpay,

Carahcal,

Maturaykeun asih.


TEMAH WADI

Sasatna cacah,

Angkeuhan,

Sugrining ati,

Ku rupining surti,

Seja pamit,

Jajap wangkid hamo ditegalambakeun.