Entri Populer

Jumat, 25 Maret 2011

SAGARA KINASIH (Dangdanggula)





Awit tepang lambak jeung basisir,
Awor rasa suka jeung marudah,
Kadeudeuh teu weleh nenjo,
Nganjrek lir nu kawengku,
Taya ilang kageter kingkin,
Jiwa anu karangsang,
Tan wande kaukur,
Gurat atra jeung duriat,
Kutan manah geus kapentang ngajamparing,
Asmara ngamuara



Haneut moyan moncorong nyakseni,
Semu anteng maturan urang,
Liwat saking taya bebendon,
Harepan nu saestu,
Lilir lugay ngalingsir ati,
Ngabarak sumirat cahya,
Nu tuluy ngagedur,
Raga asa ngarangsadan,
Mapay galeng urat nadi ku cameti,
Ratug angen peurih



Alon gelir haleuang ngawiji,
Najan ringrang seja nyinglar,
Memeh suda nu kairong,
Pamayang tara untup,
Nyair asih nu ngadalingding,
Jamuga babar wening hibar,
Panglalipur kalbu,
Bengras awas dipicangcam,
Renghap jeung muji sukur pangeran abdi,
Paneja sugema



Paheut jangji pakait pasini,
Galeuh kersa medar kaheman,
Teu inggis ku kalapetong,
Rongkah nu meh saluyu,
Anteb leleb sawangan ati,
Papaes bungah jeung bagja,
Mugining rahayu,
Seja neras kapilampah,
Lamun seug ka diri nganteng ku kayakin,
Cag niat ku cukang



Ngajul pageuh pamuntangan tali,
Asih tresna teu weleh midangdam,
Kedaling ucap nu hamo,
Ngolembar ku kakemu,
Tacan karuh mumunggang pati,
Teuneung ludeung ka tandang,
Najan semu ngagulung,
Katingtrim mangsa ayeuna,
Mapag wanci meungkeut ka sariak layung,
Sagara kinasih...Kang !

Tidak ada komentar:

Posting Komentar